Kamis, 17 Februari 2011

contoh wawaran .....contoh pengumuman bahasa sunda

Layang Pangangkir

Assalaamu'alaikum warohmatullohi wabarokaatuh,

Manawi teu aya cegahing Gusti Nu Mahasuci, nu kakasihna Rahmat Arifin, SPd. baris ngalaksanakeun sunah Rasul anu Insya Allah dilaksanakeun dina,

 

Dinten: Sabtu, 04 Desember 2010

Waktos: 11.00- 15.00

Tempat: Jl. Cibolerang Barat No. 82 Rt 03/01 Cigondewah Rahayu

Teu kinten bingahna upami Sadérék kersa rurumpaheun sumping dina

waktosna. Kalayan kaweningan galih disuhunkeun hibar pangdu'a ti sadayana.

 

Kana kaweningan galih Sadérék, teu aya sanes hatur nuhun anu

kasuhun.

 

Wassalaamu'alaikum warohmatullohi wabarokaatuh









émbaran

dibéjakeun ka sakumna siswa 7 smp 16 dayeuh bekasi,bahwa datangna ka panti sosial"kaasih ibu" baris dilaksanakeun dina:

poé/tanggal: saptu,15 désémber 2011
wayah: jam 10.00-nepi ka réngsé
tempat ngariung: aula smp 16 bekasi
siswa anu berminat mendaftarkan diri pupuhu kelas kelas séwang-séwangan.informasi saterusna ka dina wali kelas unggal



0 komentar Link ke posting ini 
Diposting ku: Ikatan Alumni Sunda 2002 di 23.34
Selasa, 22 September 2009
Koleksi SMS Lebaran Idul Fitri Ku Bahasa Sunda

Boboran Shiam,Idul Fitri

Bilih aya dulur boh wargi nu meryogikeun Short Message Service atanapi SMS Boboran Shiam dina Bahasa Sunda , sim kuring seja posting Koleksi SMS Lebaran Idul Fitri Ku Bahasa Sunda , pikeun tali paranti anu dikumpulkeun tina koleksi pribadi kintunan para wargi ka HP jisim abdi ditambih copy paste ti blog para wargi.

Kanu peryogi mangga di copy , sareng bilih bade nyobi nambihan koleksi , mangga diantos pisan pedar bae di kolom komentar ulah disimpen dina ati , langkung sae di bagi-bagi. Teu hilap Weninggalih nu dipamrih, jembar panalar nu diteda, kana laku nu teu luyu, kana lampah anu salah .. bilih basa dina blog para wargi ka copy paste tanpa widi.

Buat sobat yang mau nambahin SMS dalam bahasa apa saja silahkan masukan pada kolom komentar , mari kita sharing dan merasakan indahnya berbagi , bila sobat memerlukan Kumpulan SMS Ramadhan dan Ucapan Selamat hari raya idul Fitri dalam Bahasa Indonesia dan Inggris ada disini .

Mangga nyanggakeun Koleksi SMS Lebaran Idul Fitri Dalam Bahasa Sunda mugi katampi.

1.
Niti wanci nu mustari , ninggang mangsa nusampurna , dina Idul Fitri anu ieu.. hayu urang sami-sami ngabersihkeun rereged ati.. tina khilaf sinareng dosa.. Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum.
2.
Bilih aya tutur saur nu teu kaukur, reka basa nu pasalia, laku lampah nu teu merenah, wilujeng boboran shiam neda sih hapunten tina samudaya kalepatan lahir sinareng bathin.
3.
Sadaya jalmi tiasa ngiring lebaran....... tapi teu sadaya jalmi tiasa ngiring Idul Fitri.... mugi urang kalebet jalmi nu tiasa ngiring Idul Fitri..... wilujeng boboran shiam 1430 H. Hapunten samudaya kalepatan.
4.
Laligarna tarate dina talaga hate. nyambuangna seungit malati nu ligar dina taman ati janten ciciren lubarna kalepatan antawis urang. Wilujeng boboran shiam 1430 H. Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum.
5.
Batin nu usik nyaliksik diri, bilih kasabit kaciwit ati, karumpak ungkara basa, kadudut kalindu qalbu,mugia rido galih jembar pangampura tina samudayaning kalepatan. wilujeng boboran shiam 1430 H. Hapunten samudaya kalepatan.
6.
Ngahaturakeun wilujeng boboram shiam 1 syawal 1430 H, bilih kantos nyungkelit dina ati, tugenah dina manah, kasiku catur, katajong omong ku pribados, mugi ridho ngahpunten samudaya kalepatan.
7.
Bilih aya langkung saur bahe carek , Kaciwit kulit kabawa daging, Tunggul dirurut catang dirumpak, Nyungkelit ati teugeunah manah, Mudut pangampura , Wilujeung boboran shiam 1430 H
8.
Wening galih nu dipamrih , Jembar manah nu dipilampah , Wilujeng boboran shiam 1428H,
kalayan neda pangapunten tina samudayaning kalepatan
9.
Sugrining runtah kalepatan dina manah , nyeuri peurihna ati sanubari , mugia lubar ku silaturahmi,
Wilujeng boboran shiam 1430 H . Taqobalallahu minaa waminkum
10.
Sanajan raga paanggang, teu bisa amprok dampal panangan ,
Ngan saukur bisa ngirim surat, chating jeung SMSsan
Kalayan dibarengan ku kaikhlasan, neda dihapunten samudaya kalepatan
Wilujeng Boboran Syiam 1430 H
11.
Kedaling rasa nu pinuh ku bangbaluh hate, urang lubarkeun, ngawengku pinuh ku nyuuh,
meungpeung wanci can mustari., Neda dihapunten kana samudaya kalepatan,
bilih kantos nyungkelit dina ati, kasiku catur, katajong omong dina cariosan anu matak ngarahetkeun kana manah, kumargi urang mah teu tiasa lumpat tina kalepatan sareng kakhilafan. Sim kuring ngahaturkeun Taqabalallahu Minna Wa Minkum, Wilujeung Boboran Shiam 1430 H
12.
Weninggalih nu dipamrih, jembar panalar nu diteda, kana laku nu teu luyu, kana lampah nu sulaya.. Wilujeng boboran shiam 1430 H. Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum
13.
Wening galih nu dipamrih jembar manah nu diseja mugi agung cukup lumur neda kana samudaya kalepatan lahir tumakaning batin, wilujeng boboran siam
14.
Mugi cukup lumur jembar pangampura bilih aya bobo sapanon carang sapakan neda dihapunten samudaya kalepatan. wilujeng boboran siam
15.
Bersih galih nu diperedih, leah mana nu diseja, dina ieu fitri kiwari, wanci nu mustari susuci diri nyanggakeun hapunten nukasuhun
16.
Nyucruk laku sunah Rasul, mapay lacak agama islam, gema takbir nu agung dipungkas kutali
silaturahim neda pangampura kasadayana wilujeng boboran shiam 1430 H
17.
Jatidiri anu suci rasa jiwa nu tanpa noda , mugia sing ngajadi disarengan ku iman taqwa, nuantukna nunda kanyaah, nyimpen kadeudeuh, silih hampura kapapada jalma, panuhun sihapunten sadaya . Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum
18.
Kaluluputan kalelepatan simkuring saparakanca, wilujeng boboran siam nyuciken diri ka Illahi, hampura diri ka gusti nu maha suci, mugia dina ieu fitri, sungkem diri ngajadikeun jalmi nu fitri, wilujeng boboran Boboran Shiam 1430 H.
19.
Nitih wanci nu mustari ninggang mangsa nu utama, nyucikeun panyakit ati, balik diri kanu suci hapunten samudaya kalepatan lahir sinareng batin. wilujeng boboran siam.
20.
Tina weningna ati nu surti, tina mumunggang rasa nu ageung rumasa, bilih aya tutur saur nu teu kaukur, aya lampah nu teu merenah, tur lisan nu ngaraheutkeun manah, neda pangapunten lahir tumekaning batin, mugi luntur qolbu jembar pangampura. Wilujeng boboran siam 1430 H. Taqobalallohu mina waminkum siamana wasiamakum, minal ‘aidin walfaizin.
21.
Mipit amit seja nurih kapeurih ati, malah mandar lubar akar-akar angkara na satungkebing rasa. Ngala menta galura pangampura tina sagala lalampahan tur rumpaka nu ngagelar raheut manah. taqoballhu minnawmnkum,taqobalahuyakarim.
22.
Bilih aya luhur saur bahé carék, tutur nu teu kaukur, laku-lampah nu teu merenah dugi ka ngaraheutkeun manah, di bulan nu pinuh barokah ieu hayu urang silih lubarkeun silih hapunten lahir batin, hayu urang mapag 1 Syawal 1429 H ku kabungahan tur kaikhlasan.
23.
Harta paling berharga adalah sabar, teman paling setia adalah amal, ibadah paling indah adalah ikhlas, harga diri paling tinggi adalah iman, dan pekerjaan paling berat adalah memaafkan. maaf untuk lisan yang tak terjaga, hati yang yang berprasangka, janji yang terabaikan dan sikap yang pernah menyakitkan. Taqobalallohu minna waminkum syimana wa shiyamakum. Minal aidzin wal faidzin.
24.
Ti Lahir dugi ka Bathin.. Pamundut nu kapihatur , ligar manah ku kaikhlasan , tiasa ngalubarkeun, tina sanes kanten samudaya kalepatan, inggis catur teu kaukur , lampah lali nincak salah , neda sihapuntenna. Wilujeng boboran shiam 1429 H
25.
Wilujeng boboran siam 1429. Minal aidin wal faizin. Mugi barokah Ramadhan nuyun lakuning lampah urang dina enggoning nyorang sawelas sasih anu bakal karandapan.
26.
Taya basa nu bisa direka, taya saur nu bisa jadi pangjajap catur, lintang ti kedalna ucapan “wilujeng boboran shiam” neda dihapunten lahir tumekaning batin.
27.
Bilih kantos kasisit sebit kana ati, kapancah kaléngkah ucap, kajenggut kababuk catur, tawakufna nu kasuhun. Hapunten sadaya kalepatan.wilujeng boboran
28.
Ngeunteung na raga katineung, nyaliksik diri ngarampa dada bari reureuh milang dosa, breh bulan pangharepan geus lekasan poe fitri nembongan. Neda sihapunten
29.
Najan panangan teu amprok, basa teu nyapa, raray teu tepang. hate sanubari meredih kedah silih bebaskeun, diri silih sucikeunn, mudah2an urang sadayana janten jalmi nu taqwa.amin
30.
Mipit amit seja nurih kapeurih ati, malah mandar lubar akar-akar angkara na satungkebing rasa. Ngala menta galura pangampura tina sagala lalampahan tur rumpaka nu ngagelar raheut manah. taqoballhu minnawmnkum,taqobalahuyakarim

Sakali deui bilih aya nu bade nambihan Koleksi SMS Lebaran Idul Fitri Ku Bahasa Sunda.. mangga diantos.. cag ah

Link pustaka : Prayudi , mpang99 , Galuh Purba, http://saungweb.blogspot.com/2009/08/koleksi-sms-lebaran-idul-fitri-ku.html
0 komentar Link ke posting ini 
Diposting ku: Ikatan Alumni Sunda 2002 di 11.40
Minggu, 28 Juni 2009
Seren Sumeren
Bismillaahir rohmaanir rohiim
Assalamu'alaikum Wr. Wb.
Alhamdulillahi robbil aalamin, Wabihi nasta'iinu alla umuurid dunia waddin. Was sholaatu wassalaamu alla sayyidina Muhammadin khootaminnabiyyin, Wa aalihi wa shohbihii ajma-'iin
Bapa …………….. miwah Ibu ………………… sinarengan para wargi anu sami kempel ayeuna di dieu, kawakilan ku …………………………….. jaler istri, nyanggakeun haturan sumping disarengan ku laksa keti kabingahan ka sadaya nu sarumping.
Kawuwuh-wuwuh disarengan bari nyandak pipangantenen pameget wasta ……………………………………, anu diajeng-ajeng pisan siang kalayan wengi. Lajeng dipasrahkeun pisan, atuh kantenan ditampi ku asta kalih kasuhun kalingga murda, binarungan bingah amarwatasuta, bingah anu taya hinggana.

Kitu deui cacandakanana, sanaos henteu diantos-antos, ditampi pisan, henteu diteundeun di handap-handap estu disuhun dina embun-embunan, sarta mugi-mugi janten kamangpaatanana ka barudak miwah urang sadaya anu janten sepuhna.
Sawangsulna, mugi ageung sih hapunten dina sagala kakirangan miwah kajanggalan dina ieu panampian ka nu sarumping, boh sipatna, boh carana, tata sinareng basana matak ngajaheutkeun mamanahan. Kitu deui dina jamuanana anu sanget mung sakadarna pisan tebih tina kautamian, mugi ulah kirang-kirang nya ngahapunten kawantos sanes pisan kirang upami, nanging kumaha mung sakieu nya kaayaaan.

Pungkasing pihatur, sami-sami neneda, mugi-mugi barudak anu bade jatukrami miwah pamaksadan sepuhna sadaya diijabah ku Gusti Allah anu sipat rahman rahim, sarta kenging sapaat ti kangjeng Nabi Muhammad s.a.w., lulus mulus lunglur-langsar beres-roes laksana tanpa kuciwa.
Wabillahi taufik wal hidayah.
Wassalamualaikum Wr. Wb.

Bismillaahir rohmaanir rohiim
Assalamu'alaikum Wr. Wb.
Alhamdulillahi robbil aalamin, Wabihi nasta'iinu alla umuurid dunia waddin. Was sholaatu wassalaamu alla sayydina Muhammadin khootaminnabiyyin, Wa aalihi wa shohbihii ajma-'iin.
Palawargi jaler istri anu mulya utamina ka pangersa saebul bet di dieu, sim kuring atas nami kulawargi bapa ………………………………………….. rawuh rombongan, disarengan ku muji syukur ka Gusti nu Maha Agung, ngahaturkeun rebu-rebu nuhun laksa keti kabinghan kapalawargi didieu wirehna sim kuring parantos gasik ditampi enggal-enggal ditarima, dipapag di hiap-hiap ku basa anu endah someah, diawur ku kembang tanjung paselang kembang kananga, malati nu jadi saksi, tawis kaweningan galih pribumi nampi rombongan nu sumping. Estu matak tingtrim kana ati, matak betah kana manah anu nyemah. Mugia pangbagea anu dadasarna ku ikhlas kabingah nembe, tiasa jadi tatali asih panyimpay rasa anu bakal nyangreud mageuhkeun silaturahim antawis kulawargi ti …………………. Sareng kulawargi ti ………………………….., bari ginuluran sareng rido Allah Swt. Amiin.

Salajengna sim kuring seja tamada wireh rumaos ngabantun rombongan teh lumayan seueurna, bari sanes mung wungkul sepuh atanapi rumaja wae nanging katambih ku murangkalih anu nuju meujeuhna baladeur, anu tangtos bakal seueur kalepatanana, utamina tata titi duduga peryogana.
Kumargi kitu tawakup anu kasuhun saupami katingali aya tingkah anu kirang munasabah, kadangu aya saur anu kirang umum ti rombongan sim kuring sadayana.

Palawargi anu mulya.
Rupina cunduk waktuna sim kuring nedunan pamundut panata cakagara tadi, nincak mangsana balaka nguningakeun pamaksadan. Ku kituna mah kantenan, raos rek mobok magih gorowong, rek naek mendak taraje nguping pamundut panata calagara the, margi asa piraku ti …………………….. dijugjug upami teu aya anu dipimaksud, pamohalan anggang-anggang diteang ka ……………………………….. upami teu aya pamaksadan, tebih ge pasti disungsi margi aya nu dipilari.

Ka kulawargi bapa……………………………………. Sakalih, Insya Allah sim kuring seja balaka.
Saperkawis sim kuring sarombongan seja nyanggakeun bari nyangreud pageuhkeun silaturahim ka parawargi sadaya di dieu, margi nya ieu pisan nu jadi bibit buit, cikal bakal sim kuring sarawuh rombongan dongkap ka ieu tempat, teu aya sanes seja jajap pun ………………………………………………. Anu wastana ………………………………… kadeudeuh bapa ……………………………………. Sakalih, anu numutkeun selenting bawaning angin parantos lami pakait ati pacantel hate sareng neng…………………………………. Putri ka asih bapa …………………………. Miwah ibu.
Wartosna heubeul silih pikatineung, lawas silih pikamelang, bungbuna karujuk sepuh, samara jiad ti sobat sadaya, cindekna mah batu turun kesik naek alias itu purun ieu daek. Malihan parantos aya kasaluyuan ti sadayana reh dina dinten ieu ping ……………………………….. Insya Allah sejana bade diakadan.
Kumargi kitu, mugi kasaksi ku sadaya, danget ieu sim kuring atas namina kulawargi ………………………………………………… seja nyanggakeun pipanganteneun, nya ieu …………………………………………. Ka pangersa bapa ………………………………….. sakulawargi, saur tukang pantun te mah ti luhur sausap rambut ti handap sausap dampal rambutna salambar getihna satetes napasna sadami estu mo ngagaduih-gaduh deui mugia ditampi lajeng ditikahkeun ka neng ………………………………………….

Panuhun sim kuring sakulawargi sabada pun anak resmi janten kulawargi di …………………………….. mugi sing sering ngageuing, ulah bosen ngawurukan ulah suda mapatahan nungtun sinareng nuduhkeun kana jalan pamaslahatan sareng pibagjaeun dunya rawuh aheratna.
Nanging nyakitu geuning, teu weleh aya tambihna nyaeta mangrupi kabodoan sareng kakiranganana, kirang elmu panemuna kirang tata titi duduga peryogana kirang pangalaman sareng pamahaman tos kantenan anu disebat harta banda mah estu kirang keneh pisan margi nembe bade kokoreh, sumuhun ari pangawakan mah estu tangtung teu nambut rupa teu nyewa dedeg sampe rupa hade nanging nyakitu upami dina kai mah diangge pamikul bengkung diangge pangeret bingkeng, lumayan keur pisuluheun.
Atuh salajengna boh bilih disebat wadul sim kuring nyanggemkeun teu jingjing teu bawa mah, margi ku parawargi katinggali aya nu nyandak tanggeuyan. Isin upami disebat hiji-hijina mah margi mung ukur tamba pamali tamba isin ulah ngaligincing teuing. Ari maksadna mah eta the tilam kadeudeuh tawis asih ti ………………………………… kanggo neng ……………………………………, mugi ulah ditainggal pangaosna anu estu teu pira, nanging niat suci nu maparina, saurna mah : sanes butuh keur sausum, butuh pikeun batur hirup, mun wasa saumur-umur seja nyaah salawasna, deudeuh geugeut mo ngaheuleut wedi asih salamina. Disarengan ku paneda mugia ginulur restu ginanjar rahmat sareng rido Allah Swt.

Parawargi jaler istri anu mulya. Piraku mun gunung tanpa tutugan, walungan tanpa muara, atuih piraku nu jajap ge kateterasan. Rupina urang cekapkeun sakieu kecap pangjajap sim kuring.
Panutup catur pamungkas carita sim kuring atas nami rombongan ti ……………………………………. Nyanggakeun sewu bebendu laksa duduga ka parawargi sadaya, tos tangtos saurna kirang umum kecap kirang merenah, bobot pangayon timbang taraju, nyanggakeun ka parawargi sadaya. Panuhun sim kuring rawuh rombongan mugi agung tawakupna jembar hampurana kana sagala rupi kalepatan sareng kakirangan

Billahi Sabilil haq.
Wasalamualaikum Wr. Wb.

RUNTUYAN ACARA SEREN SUMERENCALON PANGANTEN PAMEGET :

1. Bubuka ( ku Panta Acara)
2. Biantara pedaran ti sesepuh calon Panganten Pameget
3. Biantara panampian ti sesepuh calon panganten Istri
4. Seren-sumeren cacandakan, nu diawitan ku Ibu ………………… nampi salah sawios barang nu disanggakeun ku Ibu …………………
5. Ngadu'a
6. Pamungkas

Diteraskeun ku acara:
a. Silih tepangkeun kulawedet ti calon panganten istri sareng calon panganten Pameget.
b. Gunem Catur (ramah-tamah)


I. BUBUKA
Bismillaahir rohmaanir rohiim
Assalamu'alaikum Wr. Wb.
Alhamdulillahi robbil aalamin, Wabihi nasta'iinu alla umuurid dunia waddin. Was sholaatu wassalaamu alla sayydina Muhammadin khootaminnabiyyin, Wa aalihi wa shohbihii ajma-'iin.
Langkung ti payun, sim kuring kalayan asmana bapak/ibu ……………………………. Sakulawargi, ngahaturkeun wilujeng sumping ka Ibu miwah Bapa…………… anu janten sepuhna calon panganten Pameget, pon kitu deui ka sugri anu nyarenganana. Tutut gunung keong reuma sumangga geura gek calik.
Pinisepuh, piderekan, para wargi anu sami hadir. Dinten ieu ping ……………………………., mangrupi dinten anu kebek ku kabagjaan utamina kanggo kulawargi bapak/ibu ………….. miwah kulawargi ibi/bapa ……………………….., atuh urang oge anu ayeuna sami-sami riung mungpulung seja ngiring bingah, seja mintinkeun prasetya kawening ati geusan rumojong ngandum pangdu'a dina nyakseni pamaksadan anu parantos disimpay ti anggalna ku dua kulawargi.
Kukituna saparantos reureuh palay, pepes kesang, bada mudun/nanjak ti ………………….. ka ………………….., sok sanaos anu sumping parantos sampurasun pon kitu deui pribumi parantos ngarampeskeun, nanging supados kahartos naon rupi pamaksadan tatamu, sumangga ka sesepuh rombongan calon panganten pameget dihaturanan ngadugikeun pamaksadanana.

II. BIANTARA SESEPUH ROMBONGAN CALON PANGANTEN PAMEGET (didugikeun ku bapa …………………..)



Panata Acara :
Hadirin nu ginuluran kabagjaan
Parantos eces tembres atra maksadna naon rupi anu parantos dikedalkeun ku sesepuh rombongan calon panganten Pameget. Upami kapungkur mah ieu pamkasadan the mung saukur kauningan ku sakulawargieun, nanging ayeuna mah urang oge parantos sami-sami nyakseni, uningan kana jujutan pasimpayna dua pamaksadan anu parantos disaluyuan ku kulawargi ibu/bapa ………. Sareng kulawargi ibu/bapa …………
Salajengna sumangga dihaturanan sesepuh ti calon panganten istri kanggo ngadugikeun kedaling panampian minangka pangwaler kasauran sesepuh calon panganten Pameget tadi.
Ka bapa ………………… dihaturanan kanggo biantara nyuluran ibu/bapa ………………………….

III. BIANTARA SESEPUH CALON PANGANTEN ISTRI

Panata Acara
Kedaling pamaksadan ti tatamu sareng kedaling panampian ti pribumi, parantos luyu tur adumanis, nyekrup taya nyoledatna. Dua pihakanana parantos maphum sareng surti yen wanci nu dipasinikeun, pamaksadan nu diraransang kiwari parantos ninggang ka nyata.
Papasrahan nu maning kana panampi, sumangga urang janggelekeun dina wangunan siloka ditampina cacandakan ti calon panganten pameget. Pon kitu deui calon panganten pameget, linggihna mugi ngalih ka tempat pihak calon panganten istri…..
Sumangga calon panganten pameget ngalih tempat.
Salajengna, Ibu …….. dihaturanan maparinkeun salah sawios barang cacandakanana ka ibu ………………………
Cacandakan anu sanesna, disanggakeun ku anu sanesna tatalepa bae atanapi siring.

Hadirin anu mulya.
Acara salajengna, sumangga urang sami-sami mapatkeun pangdu'a ka Allah Swt mugia bae lumangsungna ieu acara ku MantenNa dijantenkeun hiji amal padamelan nu dipirido kalayan dibarokahan. Amiin.
Pangdu'a ieu bade dijejeran ku bapa …… sumangga nyanggakeun

IV. NGADU'A

V. PAMUNGKAS

SABADA URANG SAMI-SAMI NGADU'A KA Allah Swt acara resmi seren-sumeren ieu parantos lekasan. Ku kituna sim kuring salaku Panata Acara neda tawakup anu kasuhun tina sagala rupi kakiranganana.
Wassalamu'alaikum wr. Wb.
1 komentar Link ke posting ini 
Diposting ku: Ikatan Alumni Sunda 2002 di 00.21
Rabu, 10 Juni 2009
MULASARA NASKAH SUNDA Laporan : MAMAT SASMITA
Dina basa Indonesia aya paribasa “seperti padi hampa, makin lama makin mencongak” (Peribahasa/K St Pamuncak/ Balai Pustaka/ 1983) hartina mah kurang leuwih jalma sombong nu teu boga elmu ngomongna sok beuki luhur. Eusi paribasa nu sawanda siga kitu kapanggih dina naskah Sunda kuno nyaeta dina naskah Amanat Galunggung (abad ka 16) :
“….na twah ra(m)pes dina urang, agmani(ng) pare, mangsana jumarun, telu daun, mangsana dioywas, gede pare, mangsana bulu irung, beukah, ta karah nunjuk ka langit, tanggah ka karah, kasep nangwa tu iya ngaranya, umeusi ka karah lagu tungkul, harayhay asak, ta karah candukul, ngarasa mameh kaeusi, aya si nu hayang, daek tu maka hurip na urang reya, agamaning pare pun. Lmun umisi tanggah, harayhay tanggah, asak tanggah, hapa ngarana, pahi deung ayeuh ngwara ngarana, hanteu alaeunana, kitu tu agama di urang rea…”
Kitu deui dina naskah kuno sejenna, bakal kapanggih kabeungharan eusi batin urang Sunda mangsa bihari, keur pieunteungeun mangsa kiwari. Hanjakalna naskah kuna Sunda loba keneh nu can kaguar. Loba alesanana, diantarana , naskah Sunda ditulis dina aksara Sunda kuna, nu bisa maca ngan ukur hiji dua.
Pikeun ngaguar perkara naskah Sunda kuna, Pusat Studi Sunda ngayakeun sawala maneuh poe Jumaah tanggal 8 Mei 2009, jejerna : Transliterasi Naskah Sunda Kuna PNRI (Perpustakaan Nasional RI) nu jadi panyatur nyaeta Aditya Gunawan ti PNRI jeung Mamat Ruhimat ti Unpad.

Naskah Sunda Kuna di PNRI.

Samemeh ngaguar naskah Sunda di PNRI Aditia Gunawan nyebutkeun heula naon nu dimaksud naskah. Nyaeta karya tulis manual dina media lontar, nipah atawa gebang, awi jeung dina media daluang. Aksara dina naskah rupa-rupa aya nu aksara Sunda kuna, aksara Buda, Cacarakan jeung Pegon. Dumasar kana tempat diteundeunna koleksi naskah Sunda di PNRI dibagi dua nyaeta koleksi nu diteundeun dina rak jeung koleksi nu diteundeun dina peti. Unggal naskah ditandaan ku kode naskah jeung nomer koleksi.
Koléksi nu diteundeun dina rak umumna mangrupa koléksi naskah nu geus dijilid, ngawengku (1) koléksi utama naskah Sunda (SD), (2) koléksi utama Koninklijk Bataviaasch Genootschap (KBG), jeung (3) koléksi naskah jilidan Dr. Brandes (BR).
Demi koléksi naskah nu diteundeun dina peti, sumebar dina sababaraha sub koléksi nyaéta (1) koléksi arsip jeung catetan C.M. Pleyte (PLT), (2) koléksi arsip jeung catetan K.F. Holle (KFH), (3) koléksi lambaran arsip Dr. Brandes (NBR), (4) koléksi arsip nu diteundeun dina lomari Brandes (LBR), jeung (5) koléksi naskah Sunda kuna nu ditulis dina daun lontar, nipah jeung awi.
Kajaba ti bungkeuleukan naskahna téh, PNRI mibanda koléksi mikrofilm deuih, ngawengku leuwih kurang 147 naskah Sunda koléksi PNRI jeung naskah-naskah koléksi Lima Lembaga Jawa Barat (dina 50 rol mikrofilm). Di antara naskah-naskah Sunka koléksi PNRI, naskah Sunda kuna (NSK) can dimikrofilmkeun.
Ku tungtutan kamajuan téknologi informasi, kiwari Perpusnas geus ngadigitalisasikeun sababaraha naskah Sunda, jeung sabagian di antarana bisa diaksés ku saha waé kalawan gratis ngaliwatan jaringan internet. Naskah bisa dipulut (didownload) dina format PDF jeung Flash HTML kalawan babari tur gancang. Ramatlokana nyaeta http://digilib.pnri.go.id .
Pikeun maluruh naskah-naskah nu aya di PNRI, panalungtik naskah bisa ngamangpaatkeun rupa-rupa katalog naskah Sunda, boh anu geus diterbitkeun boh anu can diterbitkeun. Katalog naskah Sunda koléksi PNRI nu geus diterbitkeun di antarana susunan Edi S. Ekadjati (LKUP, 1988), Katalog Induk Naskah-naskah Nusantara Jilid IV Perpustakaan Nasional RI: susunan Behrend, spk. (Yayasan Obor Indonésia jeung École Francaise d’Extremê-Orient, 1998), Jawa Barat: Koléksi Lima Lembaga susunan Edi S. Ekadjati jeung Undang A. Darsa (Yayasan Obor Indonésia jeung École Francaise d’Extremê-Orient, 1999). Sedengkeun katalog Naskah Sunda Koléksi PNRI nu can diterbitkeun atawa mangrupa sténsilan di antarana Memed Sastrahadiprawira, Fisik Naskah Sunda Koléksi PNRI yasana Ruhaliah, Naskah Sunda Kode SD Koléksi PNRI susunan Ruhaliah. Husus keur NSK mah, nepi ka danget ieu can aya katalog anu lengkep tur informatif.
Dina bulan Mei nepi ka bulan Juli 2008, PNRI ngayakeun kagiatan stock opname kana koléksi naskah. Kagiatan téh dilaksanakeun pikeun maluruh kaayaan fisik naskah. Tina éta kagiatan téh, kapanggih ogé sababaraha NSK nu salila ieu nyumput, teu kadaftar dina katalog, atawa tacan ditalungtik ku para ahli.
Pikeun gambaran aya data naskah nu kungsi ditalungtik jeung nu can ditalungtik (tingali gambar grafik).
Ka hareupna Aditia Gunawan miharep sangkan beuki loba nu nalungtik tur dipiharep pisan sangkan naskah asli geuwat di digitalisasikeun. Tujuanana sangkan kasalametkeun, malum naskah teh geus umuran, bisi kaburu ancur, kacida lebarna lamun can kaguar eusina. Cek Aditia biayana teu gede teuing ngan ukur belasan juta rupia. Itunganana, nu can ditalungtik aya 1214 lempir, ngadigitalkeun cukup make kamera digital, sajepret biayana Rp 35.000,-. Dina sajepret bisa dijejerkeun 5 kaca, jadi tina 1214 lempir atawa 2428 kaca (sanggeus diitung recto verso) ukur 486 jepret dikalikeun 35.000 rupia tuh pan ngan ukur tujuh belas juta rupia. „Keur urang Sunda nu beunghar tur haat kana kabeungharan budaya Sunda mah duit sakitu teh saeutik moal matak leuleuweungan, tibatan duit dipake nyaleg bari jeung teu jadi“ omong Adit bari seuri maur.

Kabuyutan Ciburuy.

Mamat Ruhimat leuwih nyoko ngaguar naskah nu aya di Kabuyutan Ciburuy Bayongbong Garut. Cek pangimeutna nu nalungtik naskah-naskah Sunda kuna kawilang saeutik. Para filolog nu ancrub neuleuman naskah Sunda, ngan aya hiji dua, sedengkeun naskah Sunda kawilang rea, boh nu aya di PNRI, di luar nagri, di kabuyutan jeung nu aya di masarakat umum. Salian ti eta hesena teh pedah aksara Sunda kuna, basana ge sarua kitu, loba kecap nu geus teu loma.
Kabuyutan teh cek Prasasti Kabantenan V tempatna para wiku atawa tempatna para intelektual jaman harita, malah aya nu nyebut scriptorium atawa tempat ngulik tur tulas tulis para intelektual. Lamun aya nu ngaganggu kudu dilawan malah kudu ditelasan pisan.

Ti jaman kolonial keneh Kabuyutan Ciburuy geus kagadabah, malah loba naskahna nu dibawa. Hadena aya nu disimpen di PNRI diantarana naskah Carita Ratu Pakuan, Purnawijaya, Amanat Galunggung. Salah sahiji naskah nu geus ditalungtik nyaeta nu judulna Kisah Putra Rama Jeung Rawana (PRR). Bisa jadi eta teh ngabuktikeun yen kasusastraan Sunda buhun geus kacida mekarna. Naskah Putra Rama jeung Rawana (abad 16) saduran tina Uttarakanda (abad 11).
Naskah PRR nu kapanggih aya dua, nu hiji aya di Museum Sri Baduga, nu hiji deui aya di Kabuyutan Ciburuy. Naskah nu aya di Ciburuy bacacar dina lima koropak.
Dina koropak 17 aya naskah PRR salempir, dina koropak 18 aya 5 lempir, koropak 22 aya 32 lempir tapi salempir lain PRR. Dina koropak 26 aya naskah PRR 2 lempir, koropak 29 nakash PRR aya salempir. Panalungtikan ngeunaan eusi PRR geus dilakukeun ku Noorduyn ti mimiti taun 1971, sanggeus Noorduyn tilar dunya panalungtikan dituluykeun ku A Teeuw. Kakara dibukukeun dina taun 2006, pamedalna KITLV Press, judul buku Three Old Sundanese Poem ( Putra Rama Rawana, Sri Ajnyana jeung Bujangga Manik).

Harepan.

Boh Aditia boh Mamat Ruhimat, boga pamadegan anu sarua sangkan naskah Sunda kuna buru buru didokumentasikeun dina wangun digital, copelna aya tilu mangpaat 1. Eusi naskah bisa kasalametkeun bisi naskah aslina ruksak. 2. Waktu jeung waragadna teu lila teuing jeung teu gede teuing dibandingkeun jeung ditulis ulang. 3. Lamun aya panalungtik nu perlu teu kudu hese ngungkab naskah asli. Salian ti eta kudu aya niat nu panceg pikeun transliterasi, narjamahkeun tur nganalisisna, hasilna bisa dipublikasikeun ka balarea lain bae di kaum akademisi.

MAMAT SASMITA, Panumbu Catur Sawala PSS.
Dimuat dina Majalah Basa Sunda Cupumanik No. 71 Juni 2009
0 komentar Link ke posting ini 
Diposting ku: Ikatan Alumni Sunda 2002 di 14.23
Selasa, 02 Juni 2009
Layang Pangangkir 2009
Assalaamu'alaikum warohmatullohi wabarokaatuh,
Manawi teu aya cegahing Gusti Nu Mahasuci, nu kakasihna Imang Sugianto, SPd. baris ngalaksanakeun sunah Rasul anu Insya Allah dilaksanakeun dina,

Dinten: Sabtu, 06 Juni 2009
Waktos: 10.00
Tempat: Jl. Cikambuy Hilir No.6 Katapang Bandung
Teu kinten bingahna upami Sadérék kersa rurumpaheun sumping dina
waktosna. Kalayan kaweningan galih disuhunkeun hibar pangdu'a ti sadayana.

Kana kaweningan galih Sadérék, teu aya sanes hatur nuhun anu
kasuhun.

Wassalaamu'alaikum warohmatullohi wabarokaatuh
Label: Warta 0 komentar Link ke posting ini 
Diposting ku: Ikatan Alumni Sunda 2002 di 21.20
Posting Lama
Beranda
Sawala
 ShoutMix chat widget
Foto Pinilih

Blog Archive

Video Kasundaan                                            
didukung oleh  


Kategori
Profil Barudak (30)
Warta (21)
Potret jeung Panineungan (15)
Abstrak Skripsi (6)
Sajak Sunda (5)
Essey Budaya (3)
RPP/Silabus (3)
Carpon (2)
Essey Sastra (2)
Foto-Foto (2)
Kumpulan Dongéng (2)
Idiom jeung Paribasa (1)
Ngeunaan Ikatan Alumni (1)
referensi (1)